acaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung
ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihnaPurbararang,
nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima
Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.
Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa
Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.
Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk
dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari,
putra bungsu.
Atuh munasabah baé, Purbararang asa
kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir
ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda,
putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa
jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu
sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”
Janggélék Guruminda minda rupa jadi
lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu
Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu
mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.
Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung
néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah
sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék
wiwilanganana mah.
Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan.
Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur
guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet
kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang
betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”
“Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki
Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa.
Déwata minda rupa turun ka dunya.
Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit,
dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak.
Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun
baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”
Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka
Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu
utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg
léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh.
Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.
Léngsér mulang deui ka Purbararang,
pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”
Lutung kasarung tetep di karaton.
Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.
Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh
taropong Purbararang moncor ka kolong balé.
“Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!”
“Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,”
Cék Purbaleuwih.
“Cing lutung pangyokotkeun taropong di
kolong balé!”
Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top
taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!
“Jurig lutung, taropong aing
sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka
Si Purbasari di leuweung!”
Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy
nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.
“Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya
kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di
leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si
Tétéh.”
Tutas haturan, Léngsér mulang ka
karaton.
Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari
ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung
ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.
“Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah
banget ku tunduh!”
“Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré
jeung manusa, bisi geuleuheun!”
Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.
“Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa
pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin
Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan digédogkeun, bray baranang siga
béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan.
Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku,
diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku
benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé
kancana.
Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari
di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik,
nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub.
Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.
Mimitna Purbasari diperih pati, kudu
bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting.
Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.
Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu
Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.
Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti
leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka
nagara.
Purbasari dipentés nyieun pakarang
tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma.
Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah
di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.
Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna
Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping,
papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara
mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir
jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh
manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh
Purbasari, lutung.
Purbasari éléh, tenggekna kari
saketokkeun diteukteuk.
Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung
manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari.
Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi
Guruminda deui.
Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar
kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang,
jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui,
dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan
arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka
Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung
Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.
******************************
PUTRI KADITA
Jaman baheula di Pulo
Jawa aya hiji raja, kakasihna Sang Prabu Munding Wangi. Ti praméswari kagungan
putra istri, jenenganana Déwi Kadita, anu kageulisanana pilih tanding, kaceluk
ka awun-awun, kawéntar ka janapria, malah nepi ka nelah Déwi Srangéngé,
lantaran cahayana moncorong lir srangéngé.
Déwi Srangéngé kacida pisan dipikanyaah ku
ibu sareng ramana, lir nanggeuy endog beubeureumna. Sanaos kitu, Sang Prabu teu
weléh neneda, neneda ka Hyang Déwata katut batara-batari, sangkan anjeunna
kagungan putra pemeget. Nanging anu diantos-antos téh, ti praméswari Raja teu
kagungan putra deui.
Teu kantos lami ti harita, Kangjeng Raja
kagungan deui putra. Sanés ti praméswari, nanging ti selir, anu jenenganana
Déwi Mutiara. Putrana pameget luyu sareng kapalayna. Kangjeng Raja kalintang
pisan bingahna. Sami sareng ka Déwi Srangéngé, ka putra ti Déwi Mutiara ogé,
kalangkung-langkung nyaahna.
Sanaos Déwi Mutiara tos nyenangkeun Raja,
ku jalan kagungan putra pameget téa, nanging ku margi Déwi Mutiara téh selir,
linggihna angger baé di gédéngeun karaton, henteu di lebet karaton sapertos praméswari.
Manah Déwi Mutiara ngageremet teu sugema, timbul baé rasa ceuceub ka
praméswari, dibarung ku rasa sirik ka Déwi Srangéngé.
Malah aya leuwihna ti kitu, manéhna boga
kahayang, sangkan anakna jadi raja. Lamun seug anakna jadi raja téh, tangtu
kahirupanana bakal robah. Moal ngarasa disapirakeun cara ayeuna. Sahenteuna
atuh jadi indungna raja, disarebutna ogé tangtu Ibu Suri.
Déwi Mutiara terus mikiran. Sanajan anakna
lalaki, salila di karaton masih aya kénéh Déwi Srangéngé jeung praméswari,
pamohalan anakna bisa jadi raja. Ku kituna euweuh deui jalan, lian ti duaanana
kudu disingkirkeun sina ingkah ti karajaan. Ngan kudu kumaha carana?
Kabeneran aya nu ngabéjaan, di tutugan
Gunung Parahu, aya hiji awéwé tukang tenung sakti, an ngaranna katelah Nini Jahil.
Ngadéngé éta béja, Déwi Mutiara kacida pisan bungahna. Tuluy nitah emban
kapercayaanana, nyusulan Nini Jahil ka Gunung Parahu.
Barang tepung jeung Nini Jahil, pok Déwi
Mutiara nyaritakeun niatna, nya éta hayang nyingkirkeun Déwi Srangéngé katut
praméswari. Praméswari
jeung Déwi Srangéngé, rék ditenung supaya beungeutna ruksak. Ingetanana, ari
beungeutna ruksak mah, pasti ku Kangjeng Raja diusir,atawa disingkurkeun ka
leuweung, lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.
Kacaritakeun
dina hiji peuting, waktuna pangeusi karaton sararé tibra, Nini Jahil asup ka
jero karaton. Dasar tukang tenung sakti, euweuh saurang ogé anu nyahoeun.
Para-ponggawa nu ngajaraga kabéh sararéna kawas bangké, gara-gara élmu sirep
Nini Jahil.
Sup manéhna rerencepan, asup ka pangkuleman praméswari. Terus ngaluarkeun élmu
tenungna. Ku matih-matihna élmu tenung Nini Jahil, harita kénéh pameunteu
praméswati pinuh ku bisul sagedé-gedé suuk. Teu kaop katoél meueusan, langsung
kaluar getih campur nanah, bauna kaambeu hanyir.
Bérés praméswari ditenung, giliran Déwi Srangéngé. Ieu ogé sami sakedét nétra
pisan, pameunteu anu sakitu geulisna, robah jadi goréng patut. Pinuh ku koréng,
borok, jeung bisul. Sarua deuih teu kaop katoél saeutik, barijil nanah campur
getih, bauna semu hangru.
Nini Jahil kaluar ti karaton, tuluy nyampeurkeun ka Déwi Mutiara. Nini Jahil
nyaritakeun pagawéanana, geus nenung praméswari jeung anakna. “Moal teu buruk
geura tah beungeutna!” ceuk Nini Jahil bari seuri nyikikik. Déwi Mutiara kacida
pisan bungahna. Sanggeus narima buruhan, Nini Jahil buru-buru balik.
Teu kungsi lila ti harita, Déwi Srangéngé gugah, margi ngambeu babauan.
Anjeunna ungas-ingus, tétéla asalna tina pameunteu anjeunna. Déwi Srangéngé
ngeunteung. Ari bréh ningal pemeunteuna, Déwi Srangéngé ampir-ampiran ngajerit,
bakating ku reuwas jeung sedih.
Ras Déwi Srangéngé émut ka ibuna, énggal lebet ka kamar ibuna, teras
diguyah-guyah digugahkeun. Naha atuh ari bréh téh, geuning sanasib jeung
anjeunna. Pameunteuna sami-sami ruksak, pinuh ku borok jeung bisul nanahan,
sarta ngaluarkeun babauan teu pararuguh.
Indung
jeung anak, antukna ceurik paungku-ungku. Duanana rerencepan kaluar ti kaluar.
Terus kaluar ti karaton. Pangémut anu duaan, méh sami, jang nanahaon aya di
karaton ogé, lantaran boga beungeut béda ti batur. Ti batan diusir ku Kangjeng
Raja, mending miheulaan kabur ti nagara.
Isukna ibur sapangeusi karaton, praméswari jeung Déwi Srangéngé, wengi-wengi
ngalolos ti karaton. Taya anu nyahoeun saurang ogé, ka mana léosna éta dua
putri téh. Sabalikna jeung Déwi Mutiara, ngadéngé éta béja téh seuri bungah,
lantaran maksudna geus laksana. Nyingkirkeun praméswari kadua anakna.
Praméswari jeung Déwi Srangéngé, duaan leumpang sakaparan-paran, lumampah
nuturkeun indung suku. apruk-aprukan teu puguh nu dijugjug. Mubus ka leuweung
geledegan, leuweung ganggong simagonggong, leuweung si sumenem jati. Haténa
nalangsa kabina-bina.
Sakali mangsa jog ka hiji patapan. Patepang jeung hiji pandita. Bubuhan pandita
sakti, mibanda élmu linuhung, weruh sadurung winarah, pribumi langsung uninga,
istri anu sarumping téh taya sanés, praméswari kadua putrana, sanaos
pameunteuna kacida ruksakna.
Henteu papanjangan carita, praméswari jeung Déwi Srangéngé, diangken langkung
ti misti, malah dianggap putra jeung putu. “Nyai jeung incu Éyang, ayeuna téh
keur meunang cocoba. Cocoba anu sakitu beuratna. Ayeuna mah ngarereb baé di
dieu,” ceuk Ki Pandita ka praméswari.
Praméswari kadua Déwi Srangéngé, ahirna ngarereb di patapan. Ki Pandita usaha
satékah polah, ngalandongan panyawatna. Tapi ku matih-matihna tenung Nini
Jahil, Ki Pandita teu tiasa ngalandongan. Aya ari pituduh mah éta ogé, pituduh
ngeunaan jalma anu juligna.
Éta dua istri kacida ngarumasna, tuman hirup di karaton sagala nyampak,ari
ayeuna di patapan sagala euweuh. Euweuh nu ngaladénan-ngaladénan acan. Éta anu
salawasna jadi émutan praméswari, utamana mah nasib putrana ka payunna. Ku tina
seueur teuing émutan téa, brek baé praméswari téh teu damang, tug dugi ka
pupusna di patapan.
Caturkeun
Déwi Srangéngé, saparantosna ngalolos ti patapan, angkat henteu puguh nu
dijugjug. Angkat sakaparan-paran kitu baé. Bari henteu ngingetkeun kasalametan
dirina. Saban ngalangkungan leuweung, anjeunna ngarep-ngarep ajal datang,
dipacok oray atawa dihakan sato galak.
Tapi, sakitu mindeng pasarandog, boro-boro aya nu daék ngahakan, sakur sasatoan
di éta leuweung, kalah paheula-heula nyalingkir. Teu daék deukeut-deukeut acan.
Duka pédah henteu tégaeun, nempo waruga nu sakitu ruksakna, duka henteu kuat
ngambeu bauna.
Lami-lami Déwi Srangéngé téh jog anjog ka sisi basisir kidul. Lalampahanana
kandeg di dinya, kapegat laut upluk-aplak satungtung deuleu. Ku margi ngaraos
kacida bingungna, ka mana nya kedah neraskeun laku, anjeunna lirén handapeun
tangkal kalapa, sakantenan niat ngareureuhkeun kacapé.
Déwi Srangéngé nanghunjar dina kikisik, bari nyarandé kana tangkal kalapa.
Neuteup anteng ka tengah laut. Sakedapan lali kana kasedih manahna. Angin laut
lir nu ngusapan salirana, lami-lami ngaraos tunduh anu kacida. Reup baé kulem
di dinya tibra naker.
Sabot
Déwi Srangéngé kulem, anjeunna ngimpén anu luar biasa, impénan sapertos anu
enya-enya kajadian. Dina éta impénanana, anjeunna ditepangan ku hiji aki-aki.
Éta aki-aki nganggo anggoan sing sarwa bodas. Ari kana rupina, asa henteu asing
deui. Asa kungsi panggih, ngan duka di mana.
Éta aki-aki pok sasauran, kieu cenah, “Deudeuh teuing incu Aki, nu geulis kedah
ngalaman hirup sangsara. Ayeuna mah geura gugah, hég geura siram dina cai laut.
Engké sagala rupana baris balik deui, balik ka sabihara-sabihari. Réngsé siram
ulah ka mana-mana, margi bakal aya satria nu ngajak nikah.”
Tamat aki-aki sasauran, Déwi Srangéngé gugah. Luak-lieuk teu aya sasaha. Iwal
aya laut nu kacida legana. Ombakna siga nu ngagupayan, sangkan anjeunna
énggal-énggal siram. “Anu bieu téh impian ilapat atawa riwan?” gerentes manah
Déwi Srangéngé.
Tapi ahirna mah Déwi Srangéngé henteu seueur deui anu diémutan, ku tina
parantos pasrah téa kana kadarna. Gebrus baé ka laut, ibak kokojayan. Cai laut
asin téh karaosna asa seger. Anéhna unggal anjeunna ngusap raray, urut borok
reujeung bisul, harita kénéh langsung beresih.
Kasauran aki-aki henteu lepat, pameunteu nu geulis beresih deui. Sinarna
moncorong deui sabihari kawas panonpoé kakara medal. Kantenan Déwi Srangéngé
pohara bingahna. Anjeunna ampir-ampiran teu percanten, kana kajadian nu sakitu
matak anéhna.
Wareg siram kokojayan, lajeng ngeunteung kana beungeut cai, katingal rarayna
ngagenclang hérang. Malih raraosanana mah langkung geulis, langkung cahayaan ti
nu parantos-parantos. Teu karaos tina socana bijil cisoca, mapay kana damisna
anu limit, cisoca kabungah taya hinggana.
Nurut
kana kasauran aki-aki dina impénan, anjeunna henteu ka mana-mana deui. Damelna
ngantos kasumpingan satria, anu badé ngajak nikah téa. Déwi Srangéngé percanten
kana kasauranana, ku margi apan parantos aya buktosna. Pameunteuna anu tadina
ruksak, ayeuna balik deui sapertos sabihara-sabihari.
Ngan naha atuh nu diantos-antos téh henteu daék sumping baé. Anjeunna méh
unggal dinten ngalangeu di sisi basisir bari neuteup ka tengah laut. Sangkaan
anjeunna, moal henteu, satria téh sumpingna ti tengah laut. Lamun kana kapal
laut, geuning taya celak-celakna acan. Atawa bisa jadi bijil ti jero laut.
Sadinten, dua dinten nepi ka saminggu, Déwi Srangéngé masih tiasa nahan
kasabaran. Saminggu, dua minggu, dugi ka sasasihna, sasasih, dua sasih, dugi ka
sataunna, Déwi Srangéngé séép kasabaranana. Lami-lami timbul bendu ngagugudug,
margi asa dibohongan ku aki-aki,anu patepang dina impénan téa.
Déwi Srangéngé penggas pangharepan, bendu dibarung kun genes ngangres.
Tungtungna jleng baé luncat ka laut, maksadna badé luluasan, milih neuleumkeun
manéh ka laut, nyébakeun salirana ka pengeusi laut, sukur-sukur mun dihakan ku
lauk hiu, atawa diteureuy buleud ku lauk paus.
Tapi cai laut kalah nyalingray, kawas nu méré jalan ka Sang Déwi. Kitu deui
sakabeuh pangeusina, rupa-rupa lauk nu gedé nu leutik, daratang ngabagéakeun.
Tungtungna Déwi Srangéngé téh diangkat jadi ratu di sagara kidul, katelah Nyai
Ratu Roro Kidul.
Tapi anjeunna tetep panasaran, palay tepang sareng satria anu dijangjikeun dina
impénan. Cai laut teras-terasan diubek, niatna milarian satria téa. Éta sababna
pangna laut kidul kasohor galedé ombakna. Lantaran hayoh waé diubek-ubek ku Nyi
Roro Kidul.
**********************
CIUNG WANARA
acaturkeun di Karajaan Galuh. Anu
ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna
boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep.
Harita duanana keur kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, Déwi
Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan
Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun,
diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep
diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun
anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandagadibarengan ku endog
hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh
kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki
Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang
raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér ,
tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh
Galuh.
Ari
kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung
Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang
tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho
yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu
dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun
budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu
ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka
Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk
ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta
téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya
manéhna dingaranan Ciung Wabara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna
Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna
téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus
jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina
hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék
nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka
alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara
mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan.
Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua
ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru
laporan ka raja.
Ari
Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton,
Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung
Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh,
tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku
anak.
Gapruk
baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus
kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna.
Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana
hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul.
Hayam raja éléh nepi ka paéhna.
Luyu
jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun
raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah
deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.
Ku
Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta
Déwi Naganingrum.
Lila-lila
réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi
Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang
Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara.
Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang
Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun
Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali
dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.
********************
SASAKALA GUNUNG GEULIS
acaritakeun jaman baheula aya salaki
pamajikan nu geus lila ngawangun rumah tangga, tapi tacan diparengkeun boga
anak. Salakina kacida pisan hayangeun boga anak. Manèhna getèn neneda ka Nu
Kawasa sangkan gancang diparengkeun boga anak.
Kocapkeun dina hiji peuting, salakina tèh meunang wangsit, yèn manèhna kudu
ngajugjug hiji tempat nu pernahna aya di beulah wètaneun lembur nu dicicingan
ku maranèhanana. Nu jadi salakina kudu ngajugjug hiji gunung kalayan kudu tapa
di èta gunung. Isukna manèhna nepikeun impianana ka nu jadi pamajikanana.
Pamajikanan ngajurung sangkan salakina nedunan panuduh nu datang dina
impianana. Tuluy waè nu jadi salakina indit ngalalana ngajugjug hiji gunung
pikeun tapa neda ka Nu Kawasa.
Sanggeus manggihan gunung nu dimaksud luyu jeung panuduh dina impian, manèhna
der waè tapa salila opat puluh poè opat puluh peuting. Dina maleman peuting
panganggeusan, manènha didatangan ku hiji putri anu geulis kawanti-wanti, èndah
kabina-bina. Éta tèh putri anu ngageugeuh gunung nu keur ditapaan ku manèhna.
Nempo putri anu kacida geulisna, manèhna lat poho kana maksud anu saèstuna. Tug
manèhna nepi kadaèk ngawin èta putri. Padahal èta putri teh oray kajajadèn.
Sanggeus mangbulan-bulan salakina indit, pamajikanana mapay-mapay nèangan nu
jadi salakina. Tungtungna manèhna manggihan salakina keur dibeulit ku oray anu
kajida badagna. Pamajikanana kacida pisan reuwaseunana, pamajikanana ngarasa
melang ka nu jadi salaki, sieun salakina dilegleg oray. Bakat ku nyaah ka
salakina, pamajikanan satèkah polah nèangan akal pikeun maèhan èta oray. Brèh,
kacipta piakaleunana, nyaèta ngeurad èta oray. Teu kungsi lila oray tèh beunang
kaeurad. Kusabab èta oray kacida gedèna, oray tèh digusur ku kuda, dibawa turun
ti luhur gunung. Sanggeus tepi ka hiji tempat, kuda tèh dicangcang dina hiji
tangkal. Kiwari tempat nyangcang èta kuda tèh, katelah lembur Cikuda.
Barang kasampak èta oray rèk dipaèhan ku pamajikanana, salakina geuwat
ngahalangan sangkan pamajikanana tong maèhan èta oray, sabab tetempoan salakina
mah, èta oray tèh putri anu kacida geulisna. Pamajikanana kacida pisan ambekna.
Kusabab keuheul, èta oray dipaèhan kaasup salakina nu geus teu inget deui ka
pamajikanana.
Heuleut saminggu ti harita, bangkè oray jeung layon salakina ngiles taya
raratanana. Ceuk carita mah ngajadi oray, nu tuluyna nyicingan èta gunung, nu
kiwari katelah gunung geulis nu pernahna di Jatinangor Kabupaten Sumedang.
***************************
SASAKALA LEMBUR PANYALAHAN
Jaman baheula, dihiji lembur aya kulawarga patani
anu hirupna ayem tengtrem. Éta kulawarga téh ngabogaan budak orok kénéh. Dina
hiji poé, éta panati téh manggihan anak maung anu ditinggalkeun paéh ku
indungna. Anak maung téh dirorok jeung dipikayaah ku kulawarga patani téh sarta
dingaranan “Si Loréng”.
Si Loréng ngarasa kahutangan budi ku patani téh,
matak manéhna nurut jeung taat ka kulawarga patani. Malah lamun dititah
nungguan anak patani manéhna sok nurut sarta satia nungguanana.
Saperti biasa, pamajikan patani nganteuran ka
sawah. Orokna ditungguan ku si Loréng, da teu dibawa ka sawah. Tepi ka sawah,
dibagéakeun ku salakina, terus gura giru hanjat ka saung sarta am dahar mani
pogot pisan. Eureuleu teurab.
“Alhamdulillah, ambu mani nimat kieu timbel,
sambel jeung goréng asin téh,” ceuk Pa tani.
“is puguh waé atuh akang, pan meunang ngahaja,”
tembal pamajikanana.
“Ari si utun sare? Ceuik Pa tani.
“Muhun keur mondok, mani tibra téh kang,
ditungguan ku si Loréng,” tembal pamajikanana.
“Alhamdulillah nya nyai, urang boga si Loréng nu
kacida nurutna,” ceuk Pa tani.
“Nya puguh atuh Kang, jaba si Loréng téh sakitu
gagahna,” tembal pamajikanana.
Barang keur hoghag ngobrol, teu kanyahoan
ronghéap si Loréng datang, ngadeukeutan saung. Buntutna dikupat-képot, terus
awakna diusap-usapkeun kana suku patani, sorana ngagerem siga aya nu rék dibéjakeun.
Patani héraneun ningali kalakuan si Loréng kitu téh. Maranéhna kacida
reuwaseunana barang nénjo sungut si Loréng pinuh ku getih seger. “Boa-boa dsi
Loréng téh geus ngahakan anak aing,” ceuk pikirna. Ngan gantawang téh éta
patani nyarékan laklak dasar ka si Loréng.
“Héy Loréng, manéh geus wani-wani ngahinat ka
aing, manéh pasti geus ngahakan anak aing, nya?”
Si Loréng kalah ka mencrong, siga nu teu boga
dosa, terus huluna diguda-gideugkeun. Tina sangutna, ngeclakkan getih seger.
Nénjo kitu, pamajikan patani ceurik jejeritan,
bari nyarékan si Loréng.
“Awas siah Loréng … dasar sato siah, nu asih
dipulang sengit, ku aing dirorok ti leuleutik ari ayeuna kalah nghakan anak
aing. Tobat…gusti, kumaha teuing anak aing, kaduhung…kaduhung…! Ceuk pamajikan
patani bari terus jejeritan.
Nénjo pamajikanana ceurik bari jejeritan, terus
patani téh beuki ambekeunana ka si Loréng, terus mesat bedog tina sarangkana.
Teu antaparah, habek éta bedog téh dikadékkeun kana beuheung si Loréng. Si
Loréng ngagerung nahan kanyeri, bari teu walakaya. Panonna neuteup siga nu
nganaha-naha. Patani beuki ngagedur amarahna nénjo si Loréng, teu paéh téh.
Ngan habek-habek beuheung si Loréng ditigas deui ku bedog patani nepi ka hulu
si Loréng leupas tina awakna sarta paéh saharita.
“Modar siah.. dasar sato bangkawarah, teu
beunang dipikayaah, kalah ka ngahakan anak aing,” ceuk patani.
Sanggeus kitu, bari satengah lumpat, patani
jeung pamajikanana, balik muru ka imahna rék néang anakna. Barang tepi ka
imahna, breh téh anakna masih kénéh aya dina ayunan keur saré tibra. Terus
dipangku bari diciuman. Bray orok téh beunta, belenyéh seuri neutueup ka indung
bapana.
“Alhamdulillah nyai, geuning anak urang téh
salamet,” ceuk Pa tani.
“Enya akang, sukur alhamdulillah masih
ditangtayungan kénéh,” tembal pamajikanana.
Barang rét ka handapeun ayunan, kasampak aya
bangké oray nu sakitu gedéna boborot ku getih. Patani jeung pamajikanana kakara
sadar, yén Si Loréng téh geus nyalametkeun anakna tina bahaya, nya éta oray nu
sakitu gedena. Maranehna kacida ngarasa handeueulna, geus salah sangka ka si
Loréng, nepi ka dipaténi, padahal si Loréng téh sakitu satia jeung belana ka
kulawargana.
Ku kajadian éta, tempat pamatuhan patani
dingaranan “Lembur Panyalahan” nurut kana nyalahanana patani ka si Loréng. Tug
tepi ka kiwari éta tempat téh jadi “Lembur Panyalahan”.
*************************