Sabtu, 25 Januari 2014

Kumpulan Dongeng Sunda

 LUTUNG KASARUNG
k
acaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihnaPurbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.

Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.
Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.
Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”
Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.
Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.
Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”
“Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.
Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”

Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.
Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”
Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.
Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.
“Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!”
“Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.
“Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!”
Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!
“Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”
Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.
“Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”
Tutas haturan, Léngsér mulang ka karaton.
Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.
“Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”
“Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”
Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.
“Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.
Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.
Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.


Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.
Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.
Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.
Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.
Purbasari éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.
Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui.
Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.


 ******************************

 PUTRI KADITA




Jaman baheula di Pulo Jawa aya hiji raja, kakasihna Sang Prabu Munding Wangi. Ti praméswari kagungan putra istri, jenenganana Déwi Kadita, anu kageulisanana pilih tanding, kaceluk ka awun-awun, kawéntar ka janapria, malah nepi ka nelah Déwi Srangéngé, lantaran cahayana moncorong lir srangéngé.

Déwi Srangéngé kacida pisan dipikanyaah ku ibu sareng ramana, lir nanggeuy endog beubeureumna. Sanaos kitu, Sang Prabu teu weléh neneda, neneda ka Hyang Déwata katut batara-batari, sangkan anjeunna kagungan putra pemeget. Nanging anu diantos-antos téh, ti praméswari Raja teu kagungan putra deui.
Teu kantos lami ti harita, Kangjeng Raja kagungan deui putra. Sanés ti praméswari, nanging ti selir, anu jenenganana Déwi Mutiara. Putrana pameget luyu sareng kapalayna. Kangjeng Raja kalintang pisan bingahna. Sami sareng ka Déwi Srangéngé, ka putra ti Déwi Mutiara ogé, kalangkung-langkung nyaahna.


Sanaos Déwi Mutiara tos nyenangkeun Raja, ku jalan kagungan putra pameget téa, nanging ku margi Déwi Mutiara téh selir, linggihna angger baé di gédéngeun karaton, henteu di lebet karaton sapertos praméswari. Manah Déwi Mutiara ngageremet teu sugema, timbul baé rasa ceuceub ka praméswari, dibarung ku rasa sirik ka Déwi Srangéngé.

Malah aya leuwihna ti kitu, manéhna boga kahayang, sangkan anakna jadi raja. Lamun seug anakna jadi raja téh, tangtu kahirupanana bakal robah. Moal ngarasa disapirakeun cara ayeuna. Sahenteuna atuh jadi indungna raja, disarebutna ogé tangtu Ibu Suri.

Déwi Mutiara terus mikiran. Sanajan anakna lalaki, salila di karaton masih aya kénéh Déwi Srangéngé jeung praméswari, pamohalan anakna bisa jadi raja. Ku kituna euweuh deui jalan, lian ti duaanana kudu disingkirkeun sina ingkah ti karajaan. Ngan kudu kumaha carana?

Kabeneran aya nu ngabéjaan, di tutugan Gunung Parahu, aya hiji awéwé tukang tenung sakti, an ngaranna katelah Nini Jahil. Ngadéngé éta béja, Déwi Mutiara kacida pisan bungahna. Tuluy nitah emban kapercayaanana, nyusulan Nini Jahil ka Gunung Parahu.

Barang tepung jeung Nini Jahil, pok Déwi Mutiara nyaritakeun niatna, nya éta hayang nyingkirkeun Déwi Srangéngé katut praméswari. Praméswari jeung Déwi Srangéngé, rék ditenung supaya beungeutna ruksak. Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah, pasti ku Kangjeng Raja diusir,atawa disingkurkeun ka leuweung, lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.

Kacaritakeun dina hiji peuting, waktuna pangeusi karaton sararé tibra, Nini Jahil asup ka jero karaton. Dasar tukang tenung sakti, euweuh saurang ogé anu nyahoeun. Para-ponggawa nu ngajaraga kabéh sararéna kawas bangké, gara-gara élmu sirep Nini Jahil.

Sup manéhna rerencepan, asup ka pangkuleman praméswari. Terus ngaluarkeun élmu tenungna. Ku matih-matihna élmu tenung Nini Jahil, harita kénéh pameunteu praméswati pinuh ku bisul sagedé-gedé suuk. Teu kaop katoél meueusan, langsung kaluar getih campur nanah, bauna kaambeu hanyir.

Bérés praméswari ditenung, giliran Déwi Srangéngé. Ieu ogé sami sakedét nétra pisan, pameunteu anu sakitu geulisna, robah jadi goréng patut. Pinuh ku koréng, borok, jeung bisul. Sarua deuih teu kaop katoél saeutik, barijil nanah campur getih, bauna semu hangru.
Nini Jahil kaluar ti karaton, tuluy nyampeurkeun ka Déwi Mutiara. Nini Jahil nyaritakeun pagawéanana, geus nenung praméswari jeung anakna. “Moal teu buruk geura tah beungeutna!” ceuk Nini Jahil bari seuri nyikikik. Déwi Mutiara kacida pisan bungahna. Sanggeus narima buruhan, Nini Jahil buru-buru balik.


Teu kungsi lila ti harita, Déwi Srangéngé gugah, margi ngambeu babauan.
Anjeunna ungas-ingus, tétéla asalna tina pameunteu anjeunna. Déwi Srangéngé ngeunteung. Ari bréh ningal pemeunteuna, Déwi Srangéngé ampir-ampiran ngajerit, bakating ku reuwas jeung sedih.


Ras Déwi Srangéngé émut ka ibuna, énggal lebet ka kamar ibuna, teras diguyah-guyah digugahkeun. Naha atuh ari bréh téh, geuning sanasib jeung anjeunna. Pameunteuna sami-sami ruksak, pinuh ku borok jeung bisul nanahan, sarta ngaluarkeun babauan teu pararuguh.


Indung jeung anak, antukna ceurik paungku-ungku. Duanana rerencepan kaluar ti kaluar. Terus kaluar ti karaton. Pangémut anu duaan, méh sami, jang nanahaon aya di karaton ogé, lantaran boga beungeut béda ti batur. Ti batan diusir ku Kangjeng Raja, mending miheulaan kabur ti nagara.
Isukna ibur sapangeusi karaton, praméswari jeung Déwi Srangéngé, wengi-wengi ngalolos ti karaton. Taya anu nyahoeun saurang ogé, ka mana léosna éta dua putri téh. Sabalikna jeung Déwi Mutiara, ngadéngé éta béja téh seuri bungah, lantaran maksudna geus laksana. Nyingkirkeun praméswari kadua anakna.


Praméswari jeung Déwi Srangéngé, duaan leumpang sakaparan-paran, lumampah nuturkeun indung suku. apruk-aprukan teu puguh nu dijugjug. Mubus ka leuweung geledegan, leuweung ganggong simagonggong, leuweung si sumenem jati. Haténa nalangsa kabina-bina.


Sakali mangsa jog ka hiji patapan. Patepang jeung hiji pandita. Bubuhan pandita sakti, mibanda élmu linuhung, weruh sadurung winarah, pribumi langsung uninga, istri anu sarumping téh taya sanés, praméswari kadua putrana, sanaos pameunteuna kacida ruksakna.


Henteu papanjangan carita, praméswari jeung Déwi Srangéngé, diangken langkung ti misti, malah dianggap putra jeung putu. “Nyai jeung incu Éyang, ayeuna téh keur meunang cocoba. Cocoba anu sakitu beuratna. Ayeuna mah ngarereb baé di dieu,” ceuk Ki Pandita ka praméswari.


Praméswari kadua Déwi Srangéngé, ahirna ngarereb di patapan. Ki Pandita usaha satékah polah, ngalandongan panyawatna. Tapi ku matih-matihna tenung Nini Jahil, Ki Pandita teu tiasa ngalandongan. Aya ari pituduh mah éta ogé, pituduh ngeunaan jalma anu juligna.
Éta dua istri kacida ngarumasna, tuman hirup di karaton sagala nyampak,ari ayeuna di patapan sagala euweuh. Euweuh nu ngaladénan-ngaladénan acan. Éta anu salawasna jadi émutan praméswari, utamana mah nasib putrana ka payunna. Ku tina seueur teuing émutan téa, brek baé praméswari téh teu damang, tug dugi ka pupusna di patapan.


Caturkeun Déwi Srangéngé, saparantosna ngalolos ti patapan, angkat henteu puguh nu dijugjug. Angkat sakaparan-paran kitu baé. Bari henteu ngingetkeun kasalametan dirina. Saban ngalangkungan leuweung, anjeunna ngarep-ngarep ajal datang, dipacok oray atawa dihakan sato galak.
Tapi, sakitu mindeng pasarandog, boro-boro aya nu daék ngahakan, sakur sasatoan di éta leuweung, kalah paheula-heula nyalingkir. Teu daék deukeut-deukeut acan. Duka pédah henteu tégaeun, nempo waruga nu sakitu ruksakna, duka henteu kuat ngambeu bauna.
Lami-lami Déwi Srangéngé téh jog anjog ka sisi basisir kidul. Lalampahanana kandeg di dinya, kapegat laut upluk-aplak satungtung deuleu. Ku margi ngaraos kacida bingungna, ka mana nya kedah neraskeun laku, anjeunna lirén handapeun tangkal kalapa, sakantenan niat ngareureuhkeun kacapé.


Déwi Srangéngé nanghunjar dina kikisik, bari nyarandé kana tangkal kalapa. Neuteup anteng ka tengah laut. Sakedapan lali kana kasedih manahna. Angin laut lir nu ngusapan salirana, lami-lami ngaraos tunduh anu kacida. Reup baé kulem di dinya tibra naker.


Sabot Déwi Srangéngé kulem, anjeunna ngimpén anu luar biasa, impénan sapertos anu enya-enya kajadian. Dina éta impénanana, anjeunna ditepangan ku hiji aki-aki. Éta aki-aki nganggo anggoan sing sarwa bodas. Ari kana rupina, asa henteu asing deui. Asa kungsi panggih, ngan duka di mana.
Éta aki-aki pok sasauran, kieu cenah, “Deudeuh teuing incu Aki, nu geulis kedah ngalaman hirup sangsara. Ayeuna mah geura gugah, hég geura siram dina cai laut. Engké sagala rupana baris balik deui, balik ka sabihara-sabihari. Réngsé siram ulah ka mana-mana, margi bakal aya satria nu ngajak nikah.”


Tamat aki-aki sasauran, Déwi Srangéngé gugah. Luak-lieuk teu aya sasaha. Iwal aya laut nu kacida legana. Ombakna siga nu ngagupayan, sangkan anjeunna énggal-énggal siram. “Anu bieu téh impian ilapat atawa riwan?” gerentes manah Déwi Srangéngé.


Tapi ahirna mah Déwi Srangéngé henteu seueur deui anu diémutan, ku tina parantos pasrah téa kana kadarna. Gebrus baé ka laut, ibak kokojayan. Cai laut asin téh karaosna asa seger. Anéhna unggal anjeunna ngusap raray, urut borok reujeung bisul, harita kénéh langsung beresih.


Kasauran aki-aki henteu lepat, pameunteu nu geulis beresih deui. Sinarna moncorong deui sabihari kawas panonpoé kakara medal. Kantenan Déwi Srangéngé pohara bingahna. Anjeunna ampir-ampiran teu percanten, kana kajadian nu sakitu matak anéhna.
Wareg siram kokojayan, lajeng ngeunteung kana beungeut cai, katingal rarayna ngagenclang hérang. Malih raraosanana mah langkung geulis, langkung cahayaan ti nu parantos-parantos. Teu karaos tina socana bijil cisoca, mapay kana damisna anu limit, cisoca kabungah taya hinggana.


Nurut kana kasauran aki-aki dina impénan, anjeunna henteu ka mana-mana deui. Damelna ngantos kasumpingan satria, anu badé ngajak nikah téa. Déwi Srangéngé percanten kana kasauranana, ku margi apan parantos aya buktosna. Pameunteuna anu tadina ruksak, ayeuna balik deui sapertos sabihara-sabihari.
Ngan naha atuh nu diantos-antos téh henteu daék sumping baé. Anjeunna méh unggal dinten ngalangeu di sisi basisir bari neuteup ka tengah laut. Sangkaan anjeunna, moal henteu, satria téh sumpingna ti tengah laut. Lamun kana kapal laut, geuning taya celak-celakna acan. Atawa bisa jadi bijil ti jero laut.


Sadinten, dua dinten nepi ka saminggu, Déwi Srangéngé masih tiasa nahan kasabaran. Saminggu, dua minggu, dugi ka sasasihna, sasasih, dua sasih, dugi ka sataunna, Déwi Srangéngé séép kasabaranana. Lami-lami timbul bendu ngagugudug, margi asa dibohongan ku aki-aki,anu patepang dina impénan téa.


Déwi Srangéngé penggas pangharepan, bendu dibarung kun genes ngangres. Tungtungna jleng baé luncat ka laut, maksadna badé luluasan, milih neuleumkeun manéh ka laut, nyébakeun salirana ka pengeusi laut, sukur-sukur mun dihakan ku lauk hiu, atawa diteureuy buleud ku lauk paus.


Tapi cai laut kalah nyalingray, kawas nu méré jalan ka Sang Déwi. Kitu deui sakabeuh pangeusina, rupa-rupa lauk nu gedé nu leutik, daratang ngabagéakeun. Tungtungna Déwi Srangéngé téh diangkat jadi ratu di sagara kidul, katelah Nyai Ratu Roro Kidul.
Tapi anjeunna tetep panasaran, palay tepang sareng satria anu dijangjikeun dina impénan. Cai laut teras-terasan diubek, niatna milarian satria téa. Éta sababna pangna laut kidul kasohor galedé ombakna. Lantaran hayoh waé diubek-ubek ku Nyi Roro Kidul.




**********************

 CIUNG WANARA
K
acaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandagadibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér , tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wabara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.
Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.
Ku Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.
Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.
********************

 SASAKALA GUNUNG GEULIS
 
K
acaritakeun jaman baheula aya salaki pamajikan nu geus lila ngawangun rumah tangga, tapi tacan diparengkeun boga anak. Salakina kacida pisan hayangeun boga anak. Manèhna getèn neneda ka Nu Kawasa sangkan gancang diparengkeun boga anak.

Kocapkeun dina hiji peuting, salakina tèh meunang wangsit, yèn manèhna kudu ngajugjug hiji tempat nu pernahna aya di beulah wètaneun lembur nu dicicingan ku maranèhanana. Nu jadi salakina kudu ngajugjug hiji gunung kalayan kudu tapa di èta gunung. Isukna manèhna nepikeun impianana ka nu jadi pamajikanana. Pamajikanan ngajurung sangkan salakina nedunan panuduh nu datang dina impianana. Tuluy waè nu jadi salakina indit ngalalana ngajugjug hiji gunung pikeun tapa neda ka Nu Kawasa.

Sanggeus manggihan gunung nu dimaksud luyu jeung panuduh dina impian, manèhna der waè tapa salila opat puluh poè opat puluh peuting. Dina maleman peuting panganggeusan, manènha didatangan ku hiji putri anu geulis kawanti-wanti, èndah kabina-bina. Éta tèh putri anu ngageugeuh gunung nu keur ditapaan ku manèhna. Nempo putri anu kacida geulisna, manèhna lat poho kana maksud anu saèstuna. Tug manèhna nepi kadaèk ngawin èta putri. Padahal èta putri teh oray kajajadèn.

Sanggeus mangbulan-bulan salakina indit, pamajikanana mapay-mapay nèangan nu jadi salakina. Tungtungna manèhna manggihan salakina keur dibeulit ku oray anu kajida badagna. Pamajikanana kacida pisan reuwaseunana, pamajikanana ngarasa melang ka nu jadi salaki, sieun salakina dilegleg oray. Bakat ku nyaah ka salakina, pamajikanan satèkah polah nèangan akal pikeun maèhan èta oray. Brèh, kacipta piakaleunana, nyaèta ngeurad èta oray. Teu kungsi lila oray tèh beunang kaeurad. Kusabab èta oray kacida gedèna, oray tèh digusur ku kuda, dibawa turun ti luhur gunung. Sanggeus tepi ka hiji tempat, kuda tèh dicangcang dina hiji tangkal. Kiwari tempat nyangcang èta kuda tèh, katelah lembur Cikuda. 

Barang kasampak èta oray rèk dipaèhan ku pamajikanana, salakina geuwat ngahalangan sangkan pamajikanana tong maèhan èta oray, sabab tetempoan salakina mah, èta oray tèh putri anu kacida geulisna. Pamajikanana kacida pisan ambekna. Kusabab keuheul, èta oray dipaèhan kaasup salakina nu geus teu inget deui ka pamajikanana.

Heuleut saminggu ti harita, bangkè oray jeung layon salakina ngiles taya raratanana. Ceuk carita mah ngajadi oray, nu tuluyna nyicingan èta gunung, nu kiwari katelah gunung geulis nu pernahna di Jatinangor Kabupaten Sumedang.


 ***************************

SASAKALA LEMBUR PANYALAHAN



Jaman baheula, dihiji lembur aya kulawarga patani anu hirupna ayem tengtrem. Éta kulawarga téh ngabogaan budak orok kénéh. Dina hiji poé, éta panati téh manggihan anak maung anu ditinggalkeun paéh ku indungna. Anak maung téh dirorok jeung dipikayaah ku kulawarga patani téh sarta dingaranan “Si Loréng”.

Si Loréng ngarasa kahutangan budi ku patani téh, matak manéhna nurut jeung taat ka kulawarga patani. Malah lamun dititah nungguan anak patani manéhna sok nurut sarta satia nungguanana.

Saperti biasa, pamajikan patani nganteuran ka sawah. Orokna ditungguan ku si Loréng, da teu dibawa ka sawah. Tepi ka sawah, dibagéakeun ku salakina, terus gura giru hanjat ka saung sarta am dahar mani pogot pisan. Eureuleu teurab.
“Alhamdulillah, ambu mani nimat kieu timbel, sambel jeung goréng asin téh,” ceuk Pa tani.
“is puguh waé atuh akang, pan meunang ngahaja,” tembal pamajikanana.
“Ari si utun sare? Ceuik Pa tani.
“Muhun keur mondok, mani tibra téh kang, ditungguan ku si Loréng,” tembal pamajikanana.
“Alhamdulillah nya nyai, urang boga si Loréng nu kacida nurutna,” ceuk Pa tani.
“Nya puguh atuh Kang, jaba si Loréng téh sakitu gagahna,” tembal pamajikanana.
Barang keur hoghag ngobrol, teu kanyahoan ronghéap si Loréng datang, ngadeukeutan saung. Buntutna dikupat-képot, terus awakna diusap-usapkeun kana suku patani, sorana ngagerem siga aya nu rék dibéjakeun. Patani héraneun ningali kalakuan si Loréng kitu téh. Maranéhna kacida reuwaseunana barang nénjo sungut si Loréng pinuh ku getih seger. “Boa-boa dsi Loréng téh geus ngahakan anak aing,” ceuk pikirna. Ngan gantawang téh éta patani nyarékan laklak dasar ka si Loréng.


“Héy Loréng, manéh geus wani-wani ngahinat ka aing, manéh pasti geus ngahakan anak aing, nya?”

Si Loréng kalah ka mencrong, siga nu teu boga dosa, terus huluna diguda-gideugkeun. Tina sangutna, ngeclakkan getih seger.
Nénjo kitu, pamajikan patani ceurik jejeritan, bari nyarékan si Loréng.
“Awas siah Loréng … dasar sato siah, nu asih dipulang sengit, ku aing dirorok ti leuleutik ari ayeuna kalah nghakan anak aing. Tobat…gusti, kumaha teuing anak aing, kaduhung…kaduhung…! Ceuk pamajikan patani bari terus jejeritan.
Nénjo pamajikanana ceurik bari jejeritan, terus patani téh beuki ambekeunana ka si Loréng, terus mesat bedog tina sarangkana. Teu antaparah, habek éta bedog téh dikadékkeun kana beuheung si Loréng. Si Loréng ngagerung nahan kanyeri, bari teu walakaya. Panonna neuteup siga nu nganaha-naha. Patani beuki ngagedur amarahna nénjo si Loréng, teu paéh téh. Ngan habek-habek beuheung si Loréng ditigas deui ku bedog patani nepi ka hulu si Loréng leupas tina awakna sarta paéh saharita. 
“Modar siah.. dasar sato bangkawarah, teu beunang dipikayaah, kalah ka ngahakan anak aing,” ceuk patani.
Sanggeus kitu, bari satengah lumpat, patani jeung pamajikanana, balik muru ka imahna rék néang anakna. Barang tepi ka imahna, breh téh anakna masih kénéh aya dina ayunan keur saré tibra. Terus dipangku bari diciuman. Bray orok téh beunta, belenyéh seuri neutueup ka indung bapana.
“Alhamdulillah nyai, geuning anak urang téh salamet,” ceuk Pa tani.
“Enya akang, sukur alhamdulillah masih ditangtayungan kénéh,” tembal pamajikanana.
Barang rét ka handapeun ayunan, kasampak aya bangké oray nu sakitu gedéna boborot ku getih. Patani jeung pamajikanana kakara sadar, yén Si Loréng téh geus nyalametkeun anakna tina bahaya, nya éta oray nu sakitu gedena. Maranehna kacida ngarasa handeueulna, geus salah sangka ka si Loréng, nepi ka dipaténi, padahal si Loréng téh sakitu satia jeung belana ka kulawargana.
Ku kajadian éta, tempat pamatuhan patani dingaranan “Lembur Panyalahan” nurut kana nyalahanana patani ka si Loréng. Tug tepi ka kiwari éta tempat téh jadi “Lembur Panyalahan”. 


*************************
  
KABAYAN MORO UNCAL




K
acaritakeun isuk-isuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta rayahat rék moro uncal.
Urang kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna.
Nu rék moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, néangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna. Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari diténjo horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu antaparah deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug. Nu ngariung uncal hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”
Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir.,
“Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu barared.Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.

******************
 KABAYAN MEULEUM LAUK
K
u bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada mencil. Masih kénéh tradisonal pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus didalahar babarengan.
Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, dan dibekelan ku kolotna, surundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik nu teu jauh di kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet, kawantu jaman baheula mah teu usum minyak tanah atawa LPG. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, belut, jeung lauk nu palid ti balong.
Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas sagedé indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing. Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.
“Moal waka dibeuleum bisi babaturan ménta, engké uing moal kabagéan,” ceuk haténa. Atuh baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.
“Can hayang dahar, teu ngarareunah awak,” pokna waktu ditanya kubabaturanana.
Réngsé dalahar babaturanana kalaluar ti kobong rék arulin, Si Kabayan hudang, terus muru hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihéésan ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu, suluhna tapas. Sanggeus tapasna ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala céngék ti pipir kobong, diréndos makeé uyah dina coét.

Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring séng. Si Kabayan muru hawu, leungeun katuhuna nanggeuy piring séng, leungeun kencana nyekel coét. Barang diteang, tapasna geus pareum kawntu tapasna ngan hiji, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna téh kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikoréhan. Kacida pisan heraneunana, sabab beuleum laukna téh ata tilu.

“Ti mana hiji deui? Tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah timana waé,” ceuk Si kabayan dina haténa.

Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si Kabayan nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener lauk. Si Kabayan nuluykeun deui daharna sangu liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar kénéh, Si Kabayan nyiuk deui sangu, terus nyait beuleum lauk nu katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum jeung bau. “Ucing bangkawarah,” pokna gegelendeng, léos ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh kali.

***************** 

 
 ASAL USUS GUNUNG TANGKUBAN PARAHU
K

acaturkeun dina hiji mangsa, basa Dayang Sumbi keur ninun, taropong-na moncor sarta murag ka kolong saung. Ku lantaran seung-gah kudu turun, pok Dayang Sumbi ngomong sorangan, “Leuh, mun aya anu daék mangnyokotkeun taropong, lamun awéwé dijadikeun dulur, lamun lalaki rék dijadikeun salaki ku kuring.”
Kabeneran pisan di kolong saung téh aya Si Tumang, anu ngadéngéeun omongan Dayang Sumbi. Éta taropong téh dicokot ku Si Tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Karuhan baé Dayang Sumbi téh pohara reuwaseunana, teu nyangka yén anu mangnyokotkeun taropong téh geuning anjing, lain manusa. Mangkaning manéhna geus kedal ucap, mun lalaki rék dijadikeun salaki. Ari Si Tumang, apan anjing jalu.
Dayang Sumbi rumasa geus kapalang kedal ucap. Kawas geus kitu kuduna katangtuan ti Déwata, manéhna tuluy hirup paduduaan jeung Si Tumang. Tepi ka hiji waktu Dayang Sumbi kakandungan, terus ngajuru, anakna lalaki, dingaranan Sang-kuriang. Anakna mulus banglus, morontod méh taya kuciwa-na.
Sangkuriang sok resep ulin lulumpatan kadua Si Tumang. Sakapeung bari mamawa tumbak. Belewer dilempagkeun, cleb nanceb kana tangkal kai. Sangkuriang surak sorangan, bungah, lantaran tumbakna meneran ka nu diincer. Si Tumang dihucuhkeun. Sebrut lumpat ngudag kana tangkal kai, bangun nu keur ngudag sato boroan.
Beuki lila, Sangkuriang beuki mahér baé ngalempagkeun tumbakna. Tuluyna mah lain saukur ulin lulumpatan, tapi mi-miti diajar ngasruk ka leuweung, néangan sato boroeun. Moro sato naon baé kayaning bagong, careuh, manuk, atawa men-cek.
“Jung geura moro ka leuweung, Ibu mah hayang dahar jeung ati mencek,” omong Dayang Sumbi dina hiji waktu.
Sangkuriang indit ka leuweung, dibarengan ku Si Tumang. Ngan hanjakal poé éta mah euweuh sato anu katénjo hiji-hiji acan. Padahal ilaharna mah sok katénjo uncal atawa mencek keur rendang nyaratuan di sampalan. Tapi anéh, poé harita mah kawas ngalaleungit ka mana boa. Sangkuriang geus asruk-asrukan ka saban tempat, ka lamping ka tegalan. Lapur sasatoan téh teu kasampak tapak-tapakna acan. Ari Si Tumang bet ngadak-ngadak kebluk deuih, henteu daék lulumpatan néangan sato boroeun.
Awahing ku jéngkél moro teu beubeunangan, ngan lékék baé SiTumang téh dipeuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik sarta dipasrahkeun ka indungna. Dayang Sumbi puguh baé kacida atohna, dagdag-dégdég ngasakan éta ati.
Ngan barang Sangkuriang balaka yén éta téh ati Si Tumang lain ati mencek, Dayang Sumbi pohara ambekna. Sangkuriang ditoktrok sirahna ku sinduk tepi ka ngucur getih.
Sangkuriang tuluy pundung, indit ti imahna ka tebéh wé-tan. Mangtaun-taun miIeuweungan tepi ka ahima bras anjog ka nagara siluman. Di dinya Sangkuriang guguru élmu kasak-tén ka siluman nu wujudna oray naga. Sangkuriang ngulik é1mu “Tumbul Muda”. Jalma anu miboga éta é1mu bakal bisa meruhkeun sakumna jin jeung siluman. Sanggeus élmuna kataékan, Sangkuriang dijurungan sina indit deui ngalalana.
Dina hiji waktu, manéhna anjog deui ka nagara siluman. Lantaran geus boga ajian “Tumbul Muda” téa, Sangkuriang bisa ngéléhkeun jin jeung siluman anu aya di éta nagara. Éta mahluk bangsa lelembut téh tuluyna mah tunduk ka Sangkuriang.
Demi Dayang Sumbi sanggeus ditinggalkeun ku anakna, ngarasa kaduhung kabina-bina. Hirupna éstu nunggelis. Manéhna tuluy indit ka tebéh kulon rék néangan Sangkuriang. Ngaprak ngalalana, tepi ka anjog ka Gunung Halimun. Di dinya Dayang Sumbi patepung jeung Raja Jin anu keur tatapa. Dayang Sumbi tuluy diajar rupa-rupa élmu kasaktén. Sanggeus tamat guguruna, manéhna dijurungan sina indit deui ka beulah wétan. Di hiji tempat anu katelah Gunung Bohong, manéhna nganjrek bumetah, nyaung-nyaung di dinya, teu incah balilahan deui.
Kocapkeun Sangkuriang, terus baé ngalalana. Mileu-weungan, migunungan nepi ka mangpuluh-puluh taun. Nya ahirna mah anjog ka hiji gunung. Manéhna patepung jeung awéwé anu kacida geulisna. Sangkuriang katarik birahi kapen-tang asmara sarta ngajak kawin ka éta awéwé, anu saenyana mah éta awéwé téh Dayang Sumbi, indungna sorangan. Dayang Sumbi nya kitu deui, kawantu geus papisah mang-puluh-puluh taun, manéhna kalinglap. Méh baé daék diajak kawin ku Sangkuriang téh, nonoman dedeg sampé rupa hadé sarta luhur élmu-panemuna. Ngan basa Sangkuriang keur disiaran rék diala kutu, dina sirahna katénjo bet aya céda. Dayang Sumbi ngagebeg, reuwas lain dikieuna. Manéhna kakara sadar, moal salah deui ieu lalaki téh anak aing, gerentes-na, Sangkuriang anu baheula kungsi ditroktrok sirahna ku sinduk.
Sanajan geus ditétélakeun yén manéhna téh anakna pituin, Sangkuriang teu percaya sarta keukeuh baé ngajak kawin ka Dayang Sumbi. Mireungeuh anakna kitu, geuwat baé Dayang Sumbi téh nyiar akal. Nyieun tanjakan anu dianggap pohara banggana.
“Heug kami daék dikawin, asal dipangnyieunkeun talaga jeung parahuna keur lalayaran urang papangantén. Éta talaga jeung parahu téh kudu anggeus dijieun sapeuting!” ceuk Dayang Sumbi. Ku Sangkuriang disanggupan éta paménta anu kacida banggana téh.
Harita kénéh Sangkuriang tuluy ngabendung Walungan Citarum. Digawé teu eureun-eureun sapeupeuting, dibantuan ku bangsa jin jeung siluman. Nincak janari, talaga téh geus ngemplang. Kari nyieun parahuna. Kabeneran aya tangkal kai gedé, gedok dituar. Kai téh tuluy ditilasan régangna sarta dipapas dijieun parahu.
Dayang Sumbi yakin yén paméntana moal katedunan. Pimanaeun teuing nyieun talaga jeung.parahu bisa anggeus sapeuting, cék pikirna. Tapi basa katénjo talaga geus ngemplang jeung parahuna geus ngabagug téréh anggeus, manéhna kacida reuwasna. Dayang Sumbi bingung liwat saking. Kudu kumaha atuh carana, sangkan aing teu tulus kawin jeung anak sorangan, cék pikirna. Ras manéhna inget kana boéh rarang. Geuwat baé éta boéh téh dicokot tuluy dibawa ka mumunggang. Ku manéhna dkebut-kebutkeun tepi ba bijil cahaya bodas kawas balébat di beulah wétan. Dadak sakala sasatoan leuweung disarada. Manuk récét. Hayam raong kongkorongok, da disangkana geus beurang.
Sangkuriang ngagebeg barang nénjo di wétan geus bijil balébat téh. Manéhna nu keur ngageduk nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng bakating ku reuwas. Bijil balébat, éta tandana geus beurang. Mangka parahuna can anggeus, harti-na manéhna moal tulus papangantén jeung Dayang Sumbi.
Bakating ku handeueul kabina-bina, ngan jedak baé parahona ditajong sataker tanaga. Bubuhan jalma sakti, parahu téh mangpéng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat, parahu téh nangkub. Jleg salin rupa jadi gunung. Éta gunung téh kiwari katelah Gunung Tangkubanparahu. Ari talaga anu ngemplang ku Sangkuriang didupak bendunganana, tepi ka caina saat ngolétrak. Éta urut talaga téh kiwari jadi padataran Bandung anu ngampar lega pisan. Tunggul kai urut nuar Sanguriang tuluy ngajanggélék jadi Gunung Bukit Tunggul, wétaneun Gunung Tangkubanparahu. Ari régang kai anu ngahunyud sarta geus rangrang teu daunan, tuluy ngajanggélék jadi Gunung Burangrang di béh kulon.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar